Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil ‘alamin wabihi yasta’inu ‘ala ummuri dunya waddin wassholatu wasalamu ‘ala sayyidina wamaulana muhammada wa’ala alihi washohbihi ajma’in.
Hadirin anu dimuliakeun ku Alloh SWT.
Sateuacanna hayu urang sami-sami manjatkeun puji sinareng syukur ka Alloh SWT kumargi mung ku pangersa-Na urang tiasa riung mungpulung di ieu tempat.
Dina kasempetan ieu simkuring bade medarkeun “Pentingna Kabersihan Lingkungan”. Ku naon pangna kabersihan teh penting kanggo urang sadaya?. Memang upama ku urang ditilik-tilik, kabersihan teh mangrupakeun hal leutik, tapi dina kahirupan sapopoe, kabersihan mangrupakeun bagian anu teu lepas tina kahirupan urang. Imah jeung lingkungan nu kotor jeung kumuh mere tanda yen warga masyarakatna teu nyaho harti pentingna kasehatan jeung kabersihan. Imah jeung lingkungan nu bersih teh lain ku gedena tapi imah nu ka jaga kabersihanna nu matak waas katingalina.
Di lingkungan masyarakat oge, kabersihan mangrupakeun ciri utama kapribadian wargana. Masyarakat nu islami nyaeta masyarakat anu ngautamakeun lingkungan hirup nu bersih tur endah. Salah sahiji conto ngajaga kabersihan lingkungan nyaeta teu miceun sampah sambarangan jeung teu nyorat-nyoret tembok.
Ngajaga kabersihan lingkungan oge bisa ngajauhkeun urang tina sagala macam panyakit, lingkungan nu teu ka jaga kabersihanna mangrupakeun salah sahiji cara nu matak nimbulkeun panyakit kusabab dina tempat nu kotor mah bibit panyakit teh gampang nyebarna di bandingkeun di tempat nu bersih.
Alesan lain ku naon pangna urang kudu ngajaga kabersihan lingkungan nyaeta sakumaha nu tos difirmankeun ku Alloh SWT dina Al-qur’an yen kabersihan teh sabagian tina iman. Alloh SWT oge bakal leuwih nyaah ka umat-Na anu tara lali ngajaga kabersihan lingkungan dimana manehna cicing. Kumargi kitu hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, papuntang-puntang panangan, samiuk sabilulungan ngajaga kabersihan lingkungan ameh urang bisa di jauhkeun tina sagala rupa panyakit.
Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana sagala perhatosanna. Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, hapunten anu kasuhun. Mugia sanaos mung alakadarna, aya mangpaatna kanggo urang sadayana.
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar