ASAL MUASAL MADUHUR
Di Desa Sukarapih, Kacamatan Sukasari, aya hiji wewengkon ngaranna Maduhur. Samemeh di mekarkeun mah Desa Sukarapih teh ka asup ka Kacamatan Tanjungsari. Di ieu wewengkon teh aya tradisi lisan nu nyaritakeun asal muasal ngaran tempat Maduhur.
sabada Karajaan Tarumanagara runtag, dina abad ka-7, di tatar sunda ngadeg sawatara karajaan, diantarana: Karajaan Sunda, Kendan, Galuh, Galunggung, Kuningan jeung Indrapahasta. Karajaan Sunda ngawengku wewengkon tatar Sunda beh kulonna. Wewengkon karajaan Kendan aya di sabudeureun Nagreg wetaneun Galunggung aya Bandung. Wewengkon Karajaan Galuh aya di tatar sunda beh wetanna, karajaan Galunggung aya di wewengkon Gunung Galunggung, Tasikmalaya. Karajaan Indrapahasta aya di beh wetan laut Cirebon di tutugan Gunung Ciremai. Wewengkon Karajaan Kuningan aya di antara Karajaan Galuh jeung Karajaan Indrapahasta nu ayeuna jadi Kabupaten kuningan. Dina kamekarannana, Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda ngawujud jadi Karajaan Gede, nu di watesan ku walungan Citarum.
Abad ka-13 Karajaan Galuh aya kahayang ngahijikeun sakuliah tatar sunda, utamana Karajaan Sunda jeung Galuh. Dina seuhseuhanana, eta dua karajaan teh hese dihijikeunana lantaran beda kultur. Urang galuh mibanda kultur pasisir, ari urang Sunda mah mibanda kultur gunung.
Diantara Tokoh Karajaan Galuh, aya hiji tokoh anu teu satuju eta dua karajaan ngahiji. Eta tokoh the tuluy ngalolos ti Karajaan Galuh bari mawa sawatra pusaka Karajaan, panji-panji Karajaan, diiring ku sabagean leutik wadya balad karajaan katut wadya balad bangsa onom (jin). Ari onom teh asalna mah manusa biasa nu ngahiang/ngaleungit sabada ngabangkang ka Patih Sela Kuning. Diantara pusaka anu dibawa ngalolos teh, aya nu disebut Duhung Emas (sabangsa kujang: pakakas tradisional sunda).
Tah, kulantaran mawa pusaka duhung emas tea, eta tokoh the jadi katelah Embah Duhung. Di Sajeroning ngalolosna, Embah Duhung anjog ka hiji wewengkon nu kiwari katelah madunur nu asalna tina kecap Embah Duhung. Embah Duhung keur saheulaanan mah tumetep di eta tempat.
Lila-lila kaayaan Embah Duhung the kapaluruh ku Telik Sandi Karajaan Galuh. Ku kituna pihak karajaan ngirimkeun wadya baladna pikeun newak Embah Duhung katut wadya baladna. Basa paamprok jeung wadya balad Galuh, beungeut Embah Duhung katut wadya baladna ngadadak geuneuk lantaran ambek ningali wadya balad Galuh nu ngadadak datang. Tempat amprokna teh katelah Rancageuneuk nu perenahna kuloneun Maduhur. Wadya balad Embah Duhung kadeseh nepi ka dicacarbolangkeun (ditumpes). Tempat dicacarbolangkeunana wadya balad Embah Duhung jadi katelah Rancabolang.
Ningali wadya baladna tumpur, ahirna mah Embah Duhung tilem di wewengkon Maduhur katut sakabeh pusakana. Wadya Balad galuh leungiteun tapak, tuluy baralik deui ka Galuh. Nepi ka kiwari masyarakat percaya yen pusaka-pusaka Karajaan Galuh aya di wewengkon Maduhur bari ditungguan ku wadya balad onom tea. Nu kawenehan mah sok rajeun ngalaman kajadian aheng turta ningali siga-siga aya Karajaan di eta tempat teh. Wallohualambissawab.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar