Rabu, 01 Juni 2011

conto artikel sunda

Pentingna Ngajaga Kabersihan Lingkungan

            Kabersihan lingkungan teh  mangrupakeun bagian anu teu lepas tina kahirupan urang sapopoe. Salah sahiji faktor anu matak nyebabkeun ayana rupa-rupa bencana alam nu kiwari sok kajadian teh nyaeta kurangna kasadaran masyarakat yen pentingna ngajaga kabersihan lingkungan. Kunaon pangna kitu? Sabab kabersihan lingkungan teh miboga peranan penting, contona kajadian banjir. Banjir teh bisa kajadian salah sahijina di sebabkeun ku mudalna cai walungan. Cai walungan bisa mudal teh ku sabab ka pendet ku runtah.mendetna runtah teh sabab loba masyarakat anu miceun runtah ka walungan. Padahal upama walungan bersih mah caina bisa di mangpaatkeun keur kaperluan sapopoe. Ku kitu na urang teh ulah miceun runtah ka walungan ameh walungan bersih jeung asri.
            Conto lain bencana alam nu du sebabkeun ku teu bisa ngajaga lingkungan nyaeta taneuh urug atawa ”tanah longsor”, urugna taneh teh di sebabkeun ku seringna tatangkalan  nu aya di leuweung di babad atawa mun ceuk istilah basa indonesiana mah “Gundulnya hutan akibat penebangan liar”. Hal eta bisa kajadian teh sabab cai hujan anu biasana di serap ku tatangkalan keur cadangan makanan teh teu ka bendung deui. Jadina cainu teu ka bendung teh ngalir sabari ngurugkeun taneuh.
            Upama urang teu bisa ngajaga kabersihan lingkungan, urang matak di omongkeun ku batur. Naha beut kitu? Upama lingkungan urang kotor berarti mere tanda yen jalma nu hirup di lingkungan eta teh kedul jeung  jorok sarta teu nyaho harti pentingna ngajaga kabersihan lingkungan.
            Salain ti eta, lingkungan anu teu kajaga kabersihanna atau kotor teh matak nimbulkeun rupa-rupa panyakit contona “Demam Berdarah”, demam berdarah di sebabkeun ku masyarakat anu tara rajin ngabersihan tempat nandean cai atawa aya runtah plastik nu teu di bakar atawa di timbun. Tuluy  runtah plastik eta teh kahujanan jeung cai hujan nguyumbang dina runtah eta. Tah biasana dina tempat kitu mah reungit anu matak nimbulkeun panyakit teh cararicingna.  Tapi upama urang rajin ngabersihan lingkungan mah insyaalloh urang moal katerap ku rupa-rupa panyakit.
            Di lingkungan masyarakat oge, kabersihan mangrupakeun ciri utama kapribadian wargana. Masyarakat nu islami nyaeta masyarakat anu ngautamakeun lingkungan hirup nu bersih tur endah. Imah jeung lingkungan nu bersih teh lain ku gedena tapi imah nu ka jaga kabersihanna nu matak waas katingalina.
Alesan lain ku naon pangna urang kudu ngajaga kabersihan lingkungan nyaeta sakumaha nu tos difirmankeun ku Alloh SWT dina Al-qur’an yen kabersihan teh sabagian tina iman. Alloh SWT oge bakal leuwih nyaah ka umat-Na anu tara lali ngajaga kabersihan lingkungan dimana manehna cicing.
Lamun masyarakat nu cicing di kota mah biasana teu nyaho harti pentingna ngajaga kabersihan. Padahal ngajaga kabersihan lingkungan teh mangrupakeun tugas urang sarerea lain ngan saukur tugas sawareh jalma. Tapi upama masyarakat nu cicing di desa mah biasana sok ngarti pisan yen ngajaga kabersihan lingkungan teh penting pisan. Naha bet kitu? Sabab biasana maranehna sok ngayakeun kerja bakti atawa sok aya oge nu nyebutna teh jumsih nu biasana sok di ayakeun saminggu sakali.
Lain ngan ukur di lingkungan masyarakat wae, tapi di lingkungan sakola oge jumsih teh kiwari mah loba di terapkeun. Ku kituna hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, papuntang-puntang panangan, samiuk sabilulungan ngajaga kabersihan lingkungan ameh urang bisa di jauhkeun tina sagala rupa panyakit jeung tina bencana alam nu kiwari loba kajadian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar